Kata Kata Peribahasa Sunda Kolot - Peribahasa adalah Kelompok kata atau kalimat yang tetap susunannya, biasanya
mengiaskan maksud tertentu (dl peribahasa termasuk juga bidal, ungkapan,
perumpamaan); - ungkapan atau kalimat ringkas padat, berisi perbandingan, perumpamaan, nasihat, prinsip hidup atau aturan tingkah laku.
Nah kali ini saya mau berbagi kumpulan kata peribahasa sunda kolot - pepatah orang tua kalau disunda kolot sama artinya dengan tua. jadi kalau diartikan peribahasa orang tua. Walaupun saya bukan orang sunda tapi saya suka dengan bahasa sunda, dan ingin ikut serta melestarikan mempertahankan bahasa ini yang dengan perkembangan jaman sedikit demi sedikit bahasa sunda yang lemah lembut enak didengar, berubah menjadi bahasa yang sedikit kasar yah itulah karena kurangnya minat anak anak untuk belajar bahasa daerahnya sendiri. Kalau bukan kita siapa lagi...?
Nah dibawah ini ada sedikit kumpulan peribahasa sunda kolot yang saya peroleh dari Sahabat saya Aswan yang benar benar asli Sunda.
Paribasa téh omongan anu geus tetep
susunanana jeung ngandung harti; piluangeun atawa jadi pituah.
Hartina : Papaduan nguruskeun nu
euweuh mangpa'atna di hareupeun jalma loba.
Nah Gimana bagus bagus kan kata kata peribahasa sundana.... Pasti atuh da nungadamelna ge urang sunda pasti hade atuh nya,
Susunanana geus ditetepkeun ku
nini-moyang. urang. Lamun ku urang dirobah éntép seureuhna, tanwandé hartina
jadi camplang.
Babasan téh disusun tina
sababaraha kecap anu ngandung harti injeuman, harti anu teu sarua jeung harti
sawajarna.
Contona:
1. Hampang birit.
2. Leutik burih.
3. Pait daging, pahang tulang dst.
Paribasa-paribasa nu ngandung
harti ibarat :
1. Adéan ku kuda beureum.
2. Nulungan anjing kadempét.
3. Sakuru-kuru lembu, saregéng-regéng
banténg jst.
Paribasa-paribasa nu ngawangun
papatah
1. Ulah beunghar méméh boga!
2. Ulah tiis-tiis jahé!
3. Ulah muragkeun duwegan ti
luhur jst.
Paribasa-paribasa nu ngandung
maksud, supaya ulah nyeri teuing karasana ku batur
1. Ngadeupaan lincar.
2. Héjo tihang.
3. Teu hir, teu walahir, teu
kakak, teu caladi, teu aro-aro acan jst.
Di handap ieu Paribasa jeung
Babasan Sunda Bagean ka-1:
1. Adam lali tapel.
Hartina : Poho ka baraya jeung
poho ka lemah cai.
2. Adat kakurung ku iga.
Hartina : Adat téh hésé
digantina.
3. Adéan ku kuda beureum.
Hartina : Beunghar ku barang
titipan atawa ginding ku pakéan batur.
4. Adigung-adiguna.
Hartina : Gedé hulu, boga rasa
leuwih ti batur. Kaciri dina laku-lampahna jeung omonganana.
5. Ajak Jawa.
Hartina : Ngajak anu henteu
saenyana, henteu terus jeung haté, ngan ukur papaés baé, supaya ngeunaheun
batur.
6. Ngajul bulan ku asiwung =
Mesék kalapa ku jara.
Hartina : Usaha anu mubadir, moal
ngadatangkeun hasil.
7. Ngadu angklung di pasar.
8. Ngadu-ngadu rajawisuna.
Hartina : Mawakeun omongan si A
ka si B, ogé carita si B dipupulihkeun ka si A. Temahna si A jeung si B téh
paraséa, paréa-réa beunang jeung paréa-réa omong.
9. Ngagulkeun payung butut.
Hartina : Ngagulkeun luluhur
sorangan.
10. Aya astana sajeungkal.
Hartina : Anu mustahil ogé bisa
kajadian. Upamana budak leutik kénéh geus maot, sabab sasarina mah nu geus
kolot pisan anu maot téh jst.
11. Aya jalan komo meuntas.
Hartina : Eukeur mah aya maksud,
turug-turug aya pilantaraneunana.
12. Aya bagja teu daulat.
Hartina : Arék meunang bagja
atawa kauntungan, tapi teu tulus.
13. Aya peurah.
Hartina : Aya komara, aya harga,
aya pangaji.
14. Ayakan tara meunang kancra.
Hartina : Nu bodo jeung nu pinter
moal sarua darajatna jeung pangasilanana.
15. Akal koja.
Hartina : Pinter dina kagoréngan
atawa kajahatan.
16. Mun teu ngakal, moal ngakeul.
Hartina : Mun teu usaha moal
pinanggih jeung rejeki pibekeleun hirup.
17. Aku panggung.
Hartina : Daréhdéh jeung méré
mawéh, ngan hanjakal ku ieu aing, asa pangpunjulna, pangbeungharna jst.
18. Aku-aku angga.
Hartina:
Ngaku barang batur kalawan
ngandung maksud hayang mibanda.
Ngaku baraya batur anu beunghar
atawa jeneng kalawan aya pangarahan, mamrih kahormatan atawa kauntungan.
19. Aki-aki tujuh mulud.
Hartina : Lalaki nu geus kolot
pisan.
20. Alak paul.
Hartina : Tempat anu lain di
kieuna, ngeunaan jauhna jeung pisusaheunana.
21. Alak-alak cumampaka.
Hartina :
1. Resep jeung hayang dipuji ku
batur, boga rasa pangpunjulna.
2. Anu handap hayang nyaruaan nu
luhur, nu hina hayang nyaruaan nu mulia jst.
22. Teu puguh alang-ujurna.
Hartina : Teu puguh
éntép-seureuhna. Teu bérés. Lain kitu kuduna.
23. Alus panggung (Alus laur) =
Alus laur, hadé omé.
Hartina : Tegep dedeg pangadegna.
24. Ambek nyedek, tanaga midek.
Hartina : Ari napsu pohara
gedéna, ngan jakal teu kaanteur ku tanaga, ma'lum geus ropoh.
25. Seukeut ambeu, seukeut panon.
Hartina : Loba mata-matana jeung
pinter nyusud perkara, nepi ka perkara nu kumaha baé ogé bisa kabongkar. Ieu
téh ngeunaan ka pulisi.
26. Teu diambeuan.
Hartina : Teu dipikasérab, teu
dipikasieun.
27. Dipiamis buah gintung.
Hartina : Disangka hadé jeung
bageur, tapi buktina goréng, jeung jahat.
28. Anak emas.
Hartina : Budak atawa kolot nu
kacida dipikanyaahna. Teu kudu ku indung-bapana baé; bisa ogé ku dununganana.
29. Anak mérak kukuncungan.
Hartina : Sipat-sipat nu aya di
anak, babakuna nu hadéna, sasarina loba anu diturunkeun ku kolotna.
30. Anak puputon.
Hartina : Anak nu kacida
didama-damana; nu pohara dipikanyaahna.
31. Anjing ngagogogan kalong.
Hartina : Mikahayang nu
lain-lain, anu pamohalan pilaksanaeun.
32. Nulungan anjing kadempét.
Hartina : Nulungan jalma nu teu
boga pisan rasa tumarima.
33. Beuteung anjingeun.
Hartina : Ngeunaan ka jelema anu
beuteungna cara beuteung anjing. .
34. Tikoro andon peso.
Hartina : Ngadeukeutan jalma anu
bakal ngahukum atawa nganyényeri ka diri urang.
35. Paanteur-anteur julang.
Hartina : Silih anteur maké aya
dua tilu kalina.
36. Aub payung, sabet sapon,
sabasoba.
Hartina : Wewengkon, ngeunaan
tanah.
37. Ngadaweung ngabangbang areuy.
Hartina : Pohara nineungna kana
jaman nu geus kasorang nepi ka matak waas pacampur jeung sedih.
38. Ari umur tunggang gunung,
angen-angen pecat sawed.
Hartina : Ari umur geus luhur,
tapi haté ngongoraeun kénéh.
39. Asa ditonjok congcot.
Hartina : Meunang kabungah anu
gedé, anu saenyana teu diarep-arep.
40. Asa
nanggeuy endog beubeureumna.
Hartina : Kacida nyaahna.
41. Asa potong leungeun katuhu.
Hartina : Leungiteun jelema anu
pohara hadé gawéna.
42. Asa tungkeb bumi alam.
Hartina : Rarasaan jelema anu
pohara bingungna, nuju poék mongkléng pipikiranana.
43. Henteu asa jeung jiga.
Hartina : Teu asa-asa. Teu asa ka
deungeun-deungeun, tapi asa ka dulur baé, ku lantaran geus lila babarenganana.
44. Tamplok aseupan.
Hartina : Nurun sagemblengna ka
anak, boh dedeg pangadegna, boh tingkah polahna.
45. Nu asih dipulang sengit, nu
haat dipulang moha.
Hartina : Nu hadé jeung loba
jasana ka diri urang, dinyenyeri ku urang, ku omongan atawa kalakuan anu
goréng.
46. Ngaliarkeun taleus ateul.
Hartina : Ngabéja-béjakeun
kagoréngan atawa kajahatan anu lian.
47. Ati mungkir, beungeut
nyanghareup.
Hartina : Palsu, siga sono, tapi
henteu. Siga suka, tapi henteu. Siga nyaah, tapi henteu jeung saterusna.
48. Ati putih, badan bodas.
Hartina : Bérésih haté, teu aya
geuneuk-maleukmeuk.
49. Ngacak ngebur.
Hartina : Rek maké naon baé ogé
bisa, da geus aya jeung geus sadia.
50. Awak sabeulah.
Hartina : Teu rimbitan, mun
ninggang di awéwé teu boga salaki, mun ninggang di lalaki teu boga pamajikan.
51. Awak sampayaneun.
Hartina : Maké pakéan nu kumaha
baé ogé, katénjona pantes atawa lucu baé.
52. Ngawur kasintu, nyieuhkeun
hayam.
Hartina : Ngaraeh jeung darehdeh
ka deungeun, sabab hayang dipuji, tapi teu nolih jeung nyapirakeun ka dulur
atawa ka baraya.
53. Sentak badakeun.
Hartina : Teu ceehan dina digawé.
Dina mimiti mah pohara getolna, tapi beuki lila, beuki ngedul, tungtungna
pagawéan téh diantep teu dipigawé pisan.
54. Cara badak Cihéa.
Hartina :
1. Leumpangna nyuruntul baé.
2. Lamun papanggih di jalan, tara
nanya-nanya acan.
55. Belang bayah = Gindi pikir
belang bayah
Hartina : Boga pikiran goréng ka
pada kawula.
56. Ka bala, ka balé.
Hartina : Bisa nyaluyukeun diri
di tempat mana baé, atawa jeung jelema nu kumaha baé.
57. Balég tampelé.
Hartina : Ari rasa tresna ka
lalaki geus aya, ngan lamun papanggih jeung jelemana, gedé kénéh kaéra.
58. Bali geusan ngajadi.
Hartina : Tempat dilahirkeun.
59. Babalik pikir.
Hartina : Tadina goréng ayeuna
mah jadi hadé. Tadina ngedul, ayeuna mah jadi getol jst.
60. Balik ngaran.
Hartina : Ngadon maot di lembur
batur. Nu balik téh lain jelemana, tapi ngaranna wungkul.
61. Balung kulit, kotok meuting.
Hartina : Teu eureun-eureun nyeri
haté ti baheula nepi ka kiwari.
62. Balungbang timur, caang bulan
opat welas, jalan gedé sasapuan.
Hartina : 1. Béak karep ku rido.
2. Bérésih haté.
63.. Banda tatalang raga.
Hartina : Lamun urang papanggih
jeung karerepet, gering upamana, euweuh halanganana urang ngajual barang nu aya
pikeun ngabdla diri, meuli ubar sangkan waras.
64. Kacanir bangban
Hartina: Meunang wiwirang =
Kawiwirangan
65. Hirup ngabangbara
Hartina: Ari tempat pikeun matuh
mah leutik tur teu tumaninah, tapi lamun kaluar ti imah ginding, teu éléh ku
batur.
66. Kahieuman bangkong
Hartina : Ku lantaran
mangnyimpenkeun barang batur, nepi ka jiga nu beunghar.
67. Kawas bangkong katuruban
batok.
Hartina: Bodo katotoloyoh, euweuh
pisan kanyaho.
68. Ngabuntut bangkong
Hartina : Ku lantaran teu nyaho
bener kana perkarana atuh teu bisa terus nyaritakeunana.
Teu sanggup migawé hiji pagawéan
nepi ka anggeusna
69. Banteng ngamuk, gajah méta.
Hartina: Naon baé atawa saha baé
anu dipikasieun ku urang.
70. Sakaru-kuru lembu,
saregéng-regéng banténg.
Hartina : Samiskin-miskinna ogé
pangagung mah tangtu baé moal miskin cara somah nu teu boga.
71. Bancang pakéwuh.
Hartina: Kasusah atawa karerepet.
Sasarina mah ngeunaan kasusah atawa karerepet anu galedé baé.
72. Batu turun, keusik naék.
Hartina : Loba turunan ménak anu
teu jareneng, tapi sabalikna loba turunan somah anu jareneng.
73. Gurat batu.
Hartina: Pageuh jangji, tara
ngarobah naon baé anu geus dipasinikeun.
74. Batok bulu eusi madu.
Hartina:
Nyolong bade, teu cocog jeung taksiran.
Siga miskin, tapi beunghar. Siga bodo, tapi pinter jst.
Ari nilik kana rupana mah goréng
éta jelema téh, ngan haténa jeung uteukna mah hadé.
75. Kurung batok
Hartina : Teu resep nyanyabaan,
ni'mat cicing di imah baé.
76. Tamplok batokeun
Hartina : Teu bisa nyésakeun
rejeki; sabaraha sabaraha ogé béak-béak baé.
77. Ulah kabawa ku sakaba-kaba.
Hartina : Ulah kabawa ku nu teu
paruguh, maksudna : kabawa ku jurig, dedemit jst.
78. Ambekna sakulit bawang.
Hartina : Gampang pisan ambek.
79. Dibéjér-béaskeun.
Hartina : Ditérangkeun kalawan
eces pisan
80. Totopong heureut
dibébér-bébér, tangtu soéh.
Hartina: Nyukupkeun ku pangala nu
sakitu saeutikna. Tangtu baé matak jadi kasusahan, Iamun rejeki atawa pangala
ngan saeutik, ari kaperluan jeung pangaluaran anu sakitu lobana.
81. Jauh ka bedug.
Hartina : Dusun, bodo, euweuh
kanyaho.
82. Béngkok tikoro.
Hartina : Ku lantaran aya
halangan, rejeki anu geus nyantong ogé, euweuh deui.
83. Ngijing sila, béngkok sembah.
Hartina : Goréng haté, teu satia
ka anu jadi pamingpin atawa dunungan
84. Bengkung ngariung, bongkok
ngaronyok.
Hartina : Babarengan hina, cilaka
atawa rugi.
85. Keur nuju béntang surem.
Hartina : Keur sué, atawa tiis
badan; lamun guna-tani ku hama jeung lamun dagang terus-terusan rugi baé.
86. Meubeut meulit.
Hartina : Mamawa.
87. Teu mais teu meuleum.
Hartina : Teu aya patalina pisan.
88. Kandel kulit beungeut.
Hartina : Euweuh kaéra.
89. Mindingan beungeut ku saweuy.
Hartina : Ari haté goréng, ngan
budi parangi marahmay, perluna pikeun mindingan haté anu goréng tea, maksudna:
supaya ulah kaciri.
90. Ulah beunghar méméh boga.
Hartina : Ulah adigung
nyéta-nyéta anu beunghar, turtaning henteu atawa tacan boga pakaya.
91. Beurat nyuhun, beurat
nanggung, beurat narimakeun inya.
Hartina: Pohara narimakeunana
kana pitulung, ngan teu kawasa ngedalkeun ku lisan atawa tulisan. Anging Gusti
anu tingali.
92. Lain ka tulang munding
kabeureuyan mah, ku cacuk peda.
Hartina : Arék cilaka mah ku
kasalahan anu leutik ogé bisa, teu kudu kasalahan anu gedé baé.
93. Beureum paneureuy = Seuseut
batan neureuy
Hartina : Hésé pisan
(seuseut-seuat) ngahasilkeun maksud.
94. Teu nyaho di alip bingkeng.
Hartina : Bodo teu bisa maca-maca
acan, da teu sakola.
95. Beurat birit.
Hartina : Hésé jeung sungkan
dititah.
96. Hampang birit.
Hartina : Gampang jeung daékan
dititah.
97. Ngusap birit, bari indit.
Hartina : Ku lantaran ambek
nyedek atawa éra parada, 1eos baé indit, teu amit heula ka nu araya di dinya.
98. Biwir nyiru rombéngeun.
Hartina : Resep mukakeun rasiah
sorangan atawa rasiah batur.
99. Biwir sambung lémék, suku
sambung lengkah.
Hartina : Henteu milu-milu kana
tanggungjawabna mah; ieu mah ngan saukur mangnepikeun; dumeh jadi utusan,
ngemban timbalan nu lian.
100. Bobo sapanon, carang
sapakan.
Hartina : Aya kuciwana, lantaran
aya kakuranganana atawa karuksakanana.
101. Mobok manggih gorowong.
Hartina : Meunang jalan pikeun
ngalaksanakeun kahayang.
102. Bobor karahayuan.
Hartina : Henteu rahayu, henteu
salamet, meunang kacilakaan atawa tiwas.
103. Boga pikir kaping burih.
Hartina : Boga kahayang anu
datangna téh lain ti heula, tapi pandeuri.
104. Buah ati.
Hartina : Pohara dipikanyaahna.
(Ngeunaan ka jelema wungkul).
105. Kawas lauk asup kana bubu.
Hartina : Gampang meunangna jeung
asupna kana hiji pagawéan, tapi hésé béléké kaluarna jeung ngécagkeunana éta
pagawéan.
106. Naheun bubu pahareup-hareup.
Hartina : Dina aya pangabutuh,
silih injeuman duit.
107. Ngabudi ucing.
Hartina : Teu wani nimbongkeun
atawa ngedalkeun kahayang, atawa kadeudeuh.
108. Cara bueuk meunang mabuk.
Hartina : Ngeluk baé, teu lémék,
teu nyarék, euweuh hojah, euweuh karep: euweuh kahayang sabab éra atawa sieun.
109. Buluan belut, jangjangan
oray.
Hartina : Pamohalan kajadian.
110. Teu kaur buluan.
Hartina : Teu kaur boga pakaya.
111. Ciri sabumi, cara sadésa.
Hartina : Béda tempatna, béda
deui adat jeung kabiasaanana.
112. Bungbulang tunda.
Hartina : Tunda talatah. Lamun
dititah, tara sok pék ku manéh, tapi sok nitah deui ka batur.
113. Sabuni-buni nu ngising.
Hartina : Sanajan dibunian atawa
disumputkeun ogé, ari laku-lampah anu goréng mah awal-ahir sok kudu kanyahoan
baé.
114. Ngodok liang buntu.
Hartina : Hésé capé taya gawé,
susah payah taya guna, sanajan tihothat ogé moal atawa henteu beubeunangan.
115. Hayang untung jadi buntung.
Hartina : Teu papanggih ari jeung
kauntungan mah, papanggih sotéh jeung karugian anu sama sakali henteu
diarep-arep.
116. Buntut kasiran.
Hartina : Korét, medit, ngeupeul,
tara pisan barangbéré.
117. Nyolok mata buncelik.
Hartina : Nganyenyeri, ngahina atawa
ngawiwirang di hareupeunana.
118. Bur beureum, bur hideung,
hurung nangtung, siang leumpang.
Hartina : Ginding, loba pakéan
anu aralus dipaké
119. Buburuh nyatu diupah
béas.
Hartina : Nyiar pangarti tur
diburuhan atawa digajih.
120. Ngaburuy.
Hartina : Nyaneut wungkul, teu
aya lalawuhna: inumeunana aya, tapi ari dahareunana mah teu aya.
121. Buruk-buruk papan jati.
Hartina : Ka sobat atawa ka
baraya mah sok hayang ngahampura baé lamun aya kasalahanana téh.
122. Lauk buruk milu mijah = Piritan
milu endogan.
Hartina : Pipilueun kana hiji
kalakuan ku lantaran kabawakeun ku batur, henteu kalawan kahayang sorangan,
nepi ka goréng katénjona.
123. Nu burung diangklungan, nu
édan dikendangan.
Hartina: Ngahaminan omongan atawa
carita batur, sanajan ceuk haté sorangan éta omongan atawa carita téh salah.
124. Teu ngalarung nu burung, teu
nyésakeun nu édan.
Hartina : Ngalajur hawa napsu ka
awéwé, ka nu halal jeung nu haram ogé disaruakeun baé.
125. Leutik burih.
Hartina : Leutik wawanén.
126. Teu busik bulu salambar.
Hartina : Teu rogrég-rogrég,
malah unggul dina juritna.
127. Bonténg ngalawan kadu.
Hartina:
Nu leutik ngalawan nu gedé.
Nu handap ngalawan nu luhur.
Nu lembék ngalawan nu kuat..
Somah ngalawan ménak.
Tangtu éléhna.
128. Nu borok dirorojok = Nu
titeuleum disimbeuhan.
Hartina : Nu keur susah ditambah
kasusahanana; nu keur nyeri ditambah kanyerianana.
129. Daék macok, embung dipacok.
Hartina : Daék ngarah kana rejeki
atawa pakaya batur, tapi diarah rejekina atawa pakayana ku batur mah teu daék.
130. Dagang oncom, rancatan emas.
Hartina : Ari modalna gedé
kacida, ngan bati anu diarahna pohara leutikna.
131. Dagang peda ka Cirebon.
Hartina : Henteu payu
daganganana, sabab ngajualna ka tukangna, atuh tangtu baé moal dibeuli.
132. Pait daging, pahang tulang.
Hartina : Cageur, teu keuna ku
panyakit naon baé.
133. Dah bawang, dah kapas.
Hartina : Tah barangna, tah
duitna.
134. Nyeungeut damar di suhunan.
Hartina :
Mintonkeun kakayaan.
Barangbéré supaya dipuji.
135. Caang bulan dadamaran.
Hartina : Migawé anu kurang
mangpaat.
136. Dikompét-daunkeun =
Dihurun-suluhkeun.
Hartina : Dihijikeun baé,
disaruakeun baé, teu dipisah-pisah.
137. Nyieun catur taya
dapur.
Hartina: Nganggit hiji dongéng
anu henteu puguh galurna
138. Dédéngé tara.
Hartina : Neruskeun béja anu
tacan sidik pisan.
139. Deugdeug tanjeuran.
Hartina : Pada ngadeugdeug, pada
nongton, sabab jadi deugdeugan, jadi tongtonan, ku tina pinterna dina kasenian,
upamana : pinter tembang, ngacapi jst.
140. Deukeut-deukeut anak taleus.
Hartina : Ari imahna mah puguh
ogé padeukeut, ngan hanjakal henteu nyaho ti bareto yén baraya.
141. Ngadeupaan lincar.
Hartina : Ngadeukeutan anu keur
sidekah atawa kariaan, supaya katénjo ku nu boga imah jeung diajak dahar.
142. Dihin pinasti, anyar
pinanggih.
Hartina : Baheula
ditangtukeunana, ngan kakara ayeuna kalakonanana atawa kapanggihna. Ngeunaan:
papastén jelema
143. Teu didingding kelir.
Hartina : Teu dibuni-buni,
ditembrakkeun baé, teu dirusiahkeun.
144. Paluhur-luhur diuk.
Hartina : Pagedé-gedé kauntungan
dina nyiar kipayah
145. Jabung tumalapung, sabda
tumapalang.
Hartina: Milu nyaritakeun hiji
perkara, sakapeung némpasan omongan batur, nyeta-nyeta jiga nu nyaho, turtaning
(padahal) teu nyaho di naon-naon.
146. Jadi maung malang.
Hartina : Jadi panghalang,
ngeunaan ka lalaki nu ngahalangan pijodoeun hiji awéwé.
147. Jadi senén kalémékan.
Hartina : Mindeng dicaritakeun.
148. Jadi sabiwir hiji.
Hartina : Jadi carita jelema
loba.
149. Ulah tiis-tiis jahé.
Hartina : Kudu iatna.
150. Loba teuing jaksa.
Hartina : Loba teuing nu pinter,
nu ngatur jeung mapatahan; balukarna matak bingung ka nu dipapatahanana.
151. Aya jalan komo meuntas.
Hartina : Aya lantaran anu
diarep-arep ti tadina, nepi ka maksud urang gancang kahontalna.
152. Jaman cacing dua saduit.
Hartina : Baheula pisan.
153. Janget kina telon.
Hattina : Turunan alus atawa
goréng ti indung-bapa; ngeunaan ka sasatoan.
154. Jantungeun.
Hartina : Ngahuleng baé teu lémék
teu nyarék, lantaran kagét kacida.
155. Jauh ka bedug, anggang ka
dayeuh.
Hartina : Dusun teu nyaho di
tata-titi, tindaktanduk, suba-sita, duduga jeung peryoga.
156. Jauh tanah ka langit.
Hartina : Pamohalan nu sarupa
kitu bisa kajadian.
157. Meuli teri meunang japuh =
Nyair hurang meunang kancra.
Hartina : Kalawan teu
disangka-sangka meunang milik, darajat atawa kauntungan anu leuwih gedé.
158. Sereg di panto, logor di
liang jarum.
Hartina : Nyingkahan hirup kumbuh
jelema loba, sabab loba dosa, loba kasieun jeung kaéra; betahna téh di nu suni,
nu teu aya jelema.
159. Jati kasilih ku junti.
Hartina : Pribumi kaéléhkeun ku
urang asing.
160. Jawadah tutung biritna,
sacarana-sacarana.
Hartina : Unggal bangsa béda
adatna jeung kabiasaanana.
161. Jéjér pasar.
Hartina : Lumrah baé. Mun
ngeunaan ka lalaki, kasép henteu, goréng henteu. Mun ngeunaan ka awéwé, geulis
henteu goréng henteu.
162. Jégjég cékér.
Hartina : Capé ku lantaran
leumpang ka ditu ka dieu baé.
163. Jelema pasagi.
Hartina : Loba kakayaanana jeung
pangawéruhna.
164. Leuleus jeujeur, liat tali.
Hartina : Adil pohara.
165. Jeung léwéh mah mending
waléh.
Hartina : Leuwih hadé wakca
balaka ngedalkeun kahayang, ti batan ngandung kabingung teu wani pok nyarita.
166. Nyieun pucuk ti girang.
Hartina : Pangheulana néangan
pibatureun paséa atawa gujrud.
167. Nyieun poé bungsuna.
Hartina : Nyieun poé
panungtungan; ka hareup mah embung wawuh atawa ngahiji deui.
168. Asa dijual payu.
Hartina : Ngungun duméh nyorangan
di panyabaan, jauh ti indung ti bapa.
169. Moal neangan jurig nu teu
kadeuleu.
Hartina : Arék nyekel jelema anu
aya baé, moal neangan jelema anu euweuh.
170. Cara jogjog mondok.
Hartina : Carékcok baé, mani
gandéng naker.
171. Jogjog neureuy buah loa.
Hartina : Mikarep ka nu lain
babad.
172. Dogdog pangréwong.
Hartina : Bantuan anu lumayan
pisan, nu euweuh hartina : dina teu ayana ogé teu naon-naon.
173. Dogong-dogong tulak cau geus
gedé dituar batur.
Hartina: Ngantian jeung mahugi
parawan ti keur leutik kénéh, sugan diparengkeun ku Nu Kawasa pipamajikaneun;
na ari geus gedé dikawin ku batur, atuh hésé capé taya gawé.
174. Dosa salaput hulu.
Hartina : Teuing ku loba dosa.
175. Sadom araning baraja,
sakunang araning geni.
Hartina:
Sanajan saeutik, omat ulah wani
ngagasab duit Nagara.
Perkara anu bisa ngalantarankeun
cilaka sanajan leutik.
176. Sakirincinging duit,
sakocopoking iwak.
Hartina : Sanajan saeutik, omat
ulah arék wani ngagasab duit Nagara.
177. Dulang tinandé.
Hartina : Awéwé mah nurutkeun
baé, kumaha diaturna jeung diparéntahna ku nu jadi salaki.
178. Duum tinggi.
Hartina : Ngabagikeun naon-naon
henteu kalawan adil, aya nu loba, aya nu saeutik.
179. Siduru isuk.
Hartina : Nyunatan atawa kariaan,
teu maké tatabeuhan.
180. Ulah muragkeun duwegan ti
luhur.
Hartina : Masing nyaah kana
rejeki meunang hésé capé ladang kesang, pacuan arék dimonyah-monyah.
181. Élmu ajug.
Hartina : Pinter ari mapatahan ka
batur mah, tapi prak ku manéh henteu.
182. Élmu sapi.
Hartina : Samiuk (ngahiji) kana
kagoréngan.
183. Élmu tumbila.
Hartina : Nu boga imah
ngarugikeun ka tatamu.
184. Elok bangkong.
Hartina : Nuju sakarat, ngan kari
tunggu dawuh baé, keur ngaleupaskeun nyawa.
185. Cara embé.
Hartina : Embung mandi, sabab
sieun ku cai.
186. Endog mapatahan hayam.
Hartina :
Nu sahandapeun mapatahan ka nu
saluhureun.
Nu sangoraeun mapatahan ka nu
sakoloteun.
187. Endog sapatarangan, peupeus
hiji, peupeus kabéh.
Hartina : Kasusah atawa karerepet
anu tumiba ka dulur, baraya atawa sobat, balukama ngabingungkeun atawa
nyusahkeun ka saréréa.
188. Endog tara megar kabéh.
Hartina : Najan saindung-sabapa
henteu sarua milikna, rejekina atawa darajatna.
189. Kawas hayam keur endogan.
Hartina : Ciling-cingcat baé, teu
bisa cicing.
190. Piit ngeundeuk-ngeundeuk
pasir.
Hartina : Mikarep nu lain
babadna, tangtu moal kasorang
191. Nangkeup mawa eunyeuh.
Hartina : Mawa cilaka ka jelema
anu dipéntaan tulung jeung geus nulungan ka urang.
192. Cara gaang katincak.
Hartina : Anu tadina ramé kacida,
ayeuna mah jadi jempling pisan.
193. Galéhgéh gado.
Hartina : Daréhdéh, tapi henteu
terus kana haté.
194. Gagalana.
Hartina : Jagona, kokojona.
195. Jauh jauh-panjang gagang.
Hartina : Hanas jauh-jauh ogé
dijugjug, ngan hanjakal ku teu hasil.
196. Galak sinongnong.
Hartina : Mimiti balég, ngeunaan
ka parawan (cawéné, lanjang).
197. Sagalak-galakna macan, tara
nyatu anak.
Hartina : Sanajan pohara bengisna
nu jadi indung-bapa, umumna mah tara téga ka nu jadi anak.
198. Ngagandong kéjo, susah
nyatu.
Hartina : Loba ari titaheun mah,
boh anak boh bujang, ngan hanjakal ku hésé nitah, euweuh nu daékeun ari dititah
téh.
199. Gancang pincang.
Hartina : Ku lantaran digawéna
buru-buru jeung kurang ati-ati, hasilna téh teu nyugemakeun.
200. Gantung déngé.
Hartina: Henteu terus bisa
ngadéngékeun hiji perkara jeung pohara hayangna neruskeun ngadéngékeun.
