Raja Monyet - Dongeng Sunda - Jaman baheula di hiji leuweung aya tangkal buah. Gede jeung
jangkung pisan. Daunna mayung kawas tangkal caringin. Teuing buah naon da
euweuh nu nyahoeun kana ngaranna, tur tangkal buah kitu teh dimamana ge tara
aya. Di eta leuweung ge ngan aya eta we satangkal-tangkalna.
Eta tangkal buah teh dicicingan ku raja monyet katut ra’yatna. Ku
raja monyet, sakabet ra’yatna diomat-omatan sangkan ngajaga ulah aya buah nu
murag ngacemplung ka walungan. Nu geus asak kudu buru-buru diala, bisi murag
manten. Ari sababna mun aya nu murag ka walungan, tangtu palid, mun kapangging
ku jelema, terus ku eta jelema teh di dahar, tangtu bakal deudeuieun. Tuluy,
eta jelema tangtu bakal neangan dimana tangkalna. Mun kapanggih pasti kabeh
monyet diusir, dibuburak, malah bisa jadi sarerea dipaehan. Sarerea pada apal,
yen jelema mah sarakah, harawek alah batan monyet.
Tapi tariking cilaka, hiji mangsa mah aya buah nu murag teu
kanyahoan. Kecemplung ka cai walungan, terus ngalengleong palid ka hilir. Beuki
lila beuki jauh. Tungtungna nepi ka hiji karajaan. Ari pek teh kapanggih ku
anak raja nu keur ulin di sisi walungan. Nenjo aya buah aneh ngangkleung , ku
anak raja teh dicokoy. Ku sabab pikabitaeun am weh didahar. “Buah naon ieu teh , mana
ngeunah-ngeunah teuing....?” ceuk
anak raja. Anak raja luak-lieuk nengan tangkal buah nu kitu. Susuganan deukeut
ti dinya. Tapi lapur da apan tangkal eta mah ngan aya hiji-hijina saalam
dunya.
Lantaran kapanggihna ge keur ngankleung diwalungan atuh ku sarerea
kaharti, pasti tangkalna teh jadina di sisi cai. Nya atuh narenganna ge
mapay-mapay we ka girang. Ngasryk bari teu reureuh sarurak euyah-euyahan.
Monyet nu keur genah-genah arulin, kacida reureuwaseunnana barang
ngadenge sora euyah-euyahan ti kajauhan teh. “kumpuuuul....!
kumpppuuull...!. Cilaka....! pasti aya buah murag teu kanyahioan ! Aayeuna, tah
sora jelema kadarieu ! pasti rek ngalaan buah urang. Baritangtu urang dipaehan
!”. atuh buriak sarerea
bubar. Terus brut-bret ngajambretan areuy. Terus ditumbu-tumbukeun nepi ka jadi
tambang. Sangges beres, terus tungtung tanbang tina areuy teh dicangreudkeun
kana dahan. Ari nu tungtung nuhijina deui di bawa ngojay ku raja monyet ka
peuntas ditu. Sangges nepi ka peuntas, gancang raja monyet nerekel mamawa
tungtung tambang rek dicangreudkeun kana dahan tangkal nu aya di dinya. Orokaya
tambang teh kurang panjang! Kurang seutik deui pisan! Raja monyet ngahuleng,
mangkaning sora prajurit geus beuki deukeut. Ahirna tungtung tambang teh di
talikeun we kana suku duanana, geus kitu puranteng leungeuna muntang kana
dahan.“sookk...geura mareuntas! Ngantai saurang-saurang! Tong paboro-boro
bisi ragrag ka walungan! Nu marawa orok kade sina muntang sing parageuh!” Raja monyet gogorowokan marentah ti
peuntas. “Kajeun awak kuring
ancur, asal salamet we sakabeh ra’yat kuring...” kitu pamikir raja monyet teh.
Hiji-hiji ra’yat monyet teh salamet nepi ka peuntas, terus naraek kana tangkal.
Beuki lila beuki rea nu salamet. Tapi sabalikna, beuki lila beuki rea tulang
tonggong rajana nu parotong. Ahirna salamet we kabeh!
Ra’yat monyet hareraneun naha rajana teu buru-buru lumpat? Srog
sawatara monyet nyalampeurkeun. Sangges srog kakara sidik, sihoreng raja monyet
teh geus teu walakaya, ukur empes-empesan. Beuki lila beuki leuleuseun, sirahna
beuki ngulahek, panonna peureum, ketug jajantungna beki ngendoran, tungtungna
mah les weh raja monyet teh paeh. Tonggongna ancur lantaran teu kuateun
ditarincakan ku ratus-ratus urang ra’yatna. Segruk weh monyet nu nyalampeurkeun
teh careurik nyengceurikan rajana nu geus ngorbankeun nyawana sorangan demi
kasalametan ra’yatna.

