Jaman baheula, aya kadal nu humandeuar bae. Manehna teu
tumarima kana takdir ti Gusti. Malah nganggap Gusti teu pilih kasih. “Batur-batur
dipaparin nasib hade, ari kuring ukur kieu. Awak leutik, sisitan, pakarang teu
boga, gawe ukur kekeceprekan dina leutak. Pan batur mah geura, maung dibere
sihung, gajah dibere tulale, uncal dibere tanduk, oray dibere peurah, biruang
dibere panyakar, manuk dibere jangjang, kuya dibere batok, ari kuring dibere
naon?” kitu ceuk jero hatena.
Tuluy manehna neneda ka Nu Kawasa, ku panteng-pantengna
neneda, nya panedana teh dikabul. Jleg manehna jadi uncal. Atuh teu kira-kira
bungahna. Sapopoe teh gegedenbrengan we nembong-nembong tandukna. Disebutna ge
sato pangkasepna saleuweung.
Tapi dina hiji poe, basa manehna keur nyatuan di tegalan
jeung nu sejen, jeger teh aya sora bedil ! manehna babarengan kaburna teh jeung
embe. Asruk-asrukan nyorang rungkun jeung rerembetan. Embe mah labas-labas we
lumpatna teh, tapi manehna mah teu bisa kitu, da tandukna nu ranggaek tikakarait
bae.
Sangges ngalaman kitu, manehna mikir, geuning tanduk
ranggaek teh matak tugenah. Genah keneh tanduk sauted kawas embe. Atuh dekul
deui manehna ngadu’a sangkan dijadikeun embe bae. Dasar Gusti welas asih, jleg
manehna jadi embe. Tapi dina hiji poe manehna ngawangkong jeung marmot. Ceunah kudu
ati-ati jadi embe mah, sabab babari pisan ditekuk maung. Dekul deui ngadu’a
hayang jadi marmot. Panedana dikabul deui. Tapi can sapoe-poe acan, manehna
nyaksian marmot nu kamari ngawangkong jeung manehna teh beunang ku careuh,
sarta dihakan nepi ka beak. Sanajan lumpat kana liangna ge, tapi da geuning
careuh mah bisaeun kokorobet kna liang leutik ge.
“Mun kitu mah mending keneh jadi careuh atuh !” ceuk
pamikir kadal. Atuh jleg manehna teh jadi careuh ayeuna mah. Hiji poe manehna
ngarasa lapar. Koloyong weh ka kebon, rek ngintip hayam bogana patani. Barang kaciriaeun
ku patani atuh puguh we dibuburak, diudag-udag bari ditenggoran ku batu. Malah kabeunangan
sakali tarangna, nepi ka buncunur sagede endog puyuh!
“Geuning teu genah jadi careuh ge. Sigana nu genah mah
jadi kerak. Pan ku patani ge batan sakitu diogona. Saban poe diurus, dimandian,
diinuman, diparaban.” Jaba boga jangjang deuih kerak mah. Laksana deui we kahayang
kadal teh. Clek jadi kerak. Kakalayangan we gawena teh ngapung mayung kaluhur. Orokaya
dina hiji poe mah, basa manehna keur unclag-anclog bri pucak-pacok dina galeng,
logodor teh oray sawah ngabongohan, hiuk notog rek nyapluk....bis weh beunang! Untung
kaburu ngagiwar, ngacleng kaluhur tuluy ngabur ka awang-awang. “Ah geuning
geuning adi kerak ge aya pibahayaeun. Mun kitu mah mendingan keneh jadi oray
sawah atuh.”
kitu jeung kitu we paripolah kadal teh. Terus-terusan boga
pamenta. Geus dikabul nu sarupa, boga deui pamenta sejen. Tungtungna mah hayang
jadi hayam adu. Pedah resep cenah sok padangalalajoan, sok jadi bentang kalang
mun diaduna meunangan. Tapi lila-lila mah karasa tugenahna. Mun poe ieu kakara
tas diadu, awak nyareri keneh, beungeut bariocok keneh, isukna atawa pagetona
geus gapruk di adukeun deui. Sangges ku manehan karasa, yen geuning manusa nu
kawasa pisan mah, prak manehna tapa deui. Lila tapana teh, aya welas peutingna.
Tapi sakali ieu mah panedana teh teu dikabul. Tibatan laksana jadi jelema mah,
kalah janggelek we mulang ka asal, jadi deui kadal. Tereleng, kucuprak weh ka
sawah kawas bareto.
Simak terus update Carita Dongeng Sunda hanya di ArenaBerbagi.Com

