Sireum jeung Gajah
Sireum keur ngarariung dina liang. Sarerea saredih ku yana kajdian
tadi isuk-isuk. Babaturannana nu keur ngagonyok dina sayangna paraeh lantaran
katincak gajah. Lain saeutik-saeutik jumlahna teh, tapi aya rebuna nu pejetna
ge. Acan nu caracad, aya nu pinced, aya nu kengkong, aya nu lolong, malah nu
lumpuh ge rea, da sukuna parotong kabeh.
Keur kitu, torojol raja sireum, “Dengekeun
nya ku sarerea....! urang sarerea ngalaman kacilakaan teh lain kakara sakali
dua kali, tapi geus mindeng. Geus puluhan rebu dulur urang nu paeh kaleyek ku
sakadang gajah nu kejam tya rarasaan. Lamun urang cariring bae, teu ihtiar
neangan akal, tangtu kajadian kieu teh bakal terus-terusan kaalaman. Ku kituna,
sok atuh ayeuna mah urang badami, kumaha akalna sangkan urang bisa maehan
gajah. Tong sieun, sanajan gajah sakitu badagna ge lamun dikoroyok mah ku
sarerea, pasti bakal eleh. Asal urangna sauyunan! Kumaha satuju....?”
“satujuuuuuuuu....!” ceuk nu ngariung,
sorana mani ngaguruh. Sarerea pada ngaluarkeun usul katut pamanggihna. Sangges
rada lila, ahirna mupakat rek nyieun pitapak, nyaeta mangrupa lobang nu gede
tur jero di palebah liliwateun gajah. Dasarna lobang teh rek diceceban ku awi
sareukeut. Engke lamun gajah ngaliwat ka dinya, tinangtu tigebrus sarta katiir
ku seuseukeut awi, moal bisaeun hanjat deui. Geus kitu mah rob weh rek
dikoroyok, dicarocoan ku sarerea.
Geus kitu mah, der weh gawe nyieun lobang teh dimimitian. Sanajan
awakan lalembut, tanagana halengker, tapi kalah ku dikeureuyeuh, digotong
royong ku sarerea mah, lobang nu aya badag nya jero teh, teu burung anggeus
sapoe oge. Sangges lobangna jadi, pek dicarecaban awi beunang nyeukeutan. Geus
kitu, luhurna ditumpangan malang-mulintang ku pangpung beunang mulungan. Geus
marerenah terus luhurna dirungkupan ku jukut, dirarapih sina rata jeung taneuh.
Atuh barang geus anggeus teh teu kaciri meueus-meueus acan, yen didinya aya
lobang.
Buriak weh
sireum teh bubar, terus nyarumput buni teu jarauh tidinya. Sarerea ngarintip,
sarerea deg-degan, sarerea teu sabar ngadagoan gajah ngaliwat. Teu kungsi lila
geblig, geblig....geblig datang! Awakna can katembong ge, gebleg-gebleg
lengkahna mah geus kadenge. Taneuh geus karasa eundeurna. Juringkang!
Juringkang! Gjah mimiti katembong. Beuki lila beuki deukeut .....srog ka lebah sireum
nyarumput....geblig!.... geblig!.....gebrus! gajah tigorobas kana lobang,
sorana mani ngagorobas! Pangpung, jujukutan, dangdaunan, taneuh, racleng
kaplecengkeun ku nu tigebrus!
“Oeeeek.....Oeeeekk....oeeeek....” gajah gugurubugan,
tulalena bubak babuk, sirahna teuteunggar. Tapi sanajan adug lajer ge, gajah
teu bisa hanjat. “serbuuuu....!!” raja sireum ngagorowok ngomando.
Burudul sireum kaluar ti panyumputannana. Gajah beuki motah, awakna pinuh di
tapuk ku sireum. Aya nu pating sulusup kana ceulina, sawareh kana panonna, akan
sungutna, sawareh kana liang tulalena, bari teu reureuh patingjeletot nyarocoan. Puguh we kanyeri gajah teh lain
rasa-rasakeuneun. Tungtungna rumpuyuk nambru di jero lobang. Empes,
empes....les weh gajah teh paeh.
Geeerrr....sireum surak bari patingalajrug! Tah, ti harita mah ka
sireum tara aya nu ngaganggu, boh gajah deui, boh sato sejen. Da meureun
pabeja-beja, yen sireum mah najan leutik tapi sauyunan. Singsaha nu ngaganggu
pasti dikerepuk.
