Monyet Hawek - Dongeng Sunda Sasatoan
Dina hiji poe, sawatara sasatoan
keur ngariung handapeun tangkal kiara nu iuh. Nu aya teh hayam, kelimci,
marmot, beurit, manuk cangkurileung, jeung embe. Maranehna keur ngawarangkong
nyaritakeun kalakuan sakadang monyet. Sarerea ngarasa keuheul ka sakadang
monyetteh, tina kalakuanna nu sok ngarugikeun batur.
“hawek pisan sakadang monyet
teh ! sok rerebut ka bangsa kuring mah da pedah leutik meureun. Nyaho moal
wanieun ngalawan!” ceuk sakadang marmot. “kuring ge kungsi direbut hui!
Rek am pisa n di huapkeun harita teh, na kerewek teh direbut...terus mangpret
dibawa lumpat!” sakadang kelinci nyaritakeun pangalamanana. “kitu puguh
ge nu jahat ma, sok pinter pisan ngbongohan” ceuk sakadang cangkurileung.
“watir mah sakadang kuya, hese
cape melak cau sakadang kuya teh. Diurus saban poe. Diceboran, digemuk,
dikored,mani tulaten naker. Na ari lagu ek diala. Beak dipaling tah ku si
monyet hawek teh! Mangkaning geus jangji harita tah, cangkang rek keur
kuring....!” ceuk sakadang embe siga nu keuheuleun pisan.
“Heup, heup, heup....moal aya
gunana ari ukur kurukulutus mah! Anggursi urang pikiran kumaha carana ngawarah
si eta sangkan ulah ngarugikeun bae batur...tuman diantep mah!” sarerea
jarempe, sarerea unggut-unggutan tanda panuju, sarerea kerung malikir. Beurit
nu pinter jeung rea akal nyelangkeung. “Gampang lah...! urang sina ditapuk
kusakadang engang! Sina disareureud!”ceuk sakadang beurit bari ngeprokkeun
dampal leungeunna tanda atoh nimu akal.
“Nya tangtu bakal barareuh di
seureud engang mah....ngan kumaha carana sangkan sakadang engang daek ngoroyok
sakadang monyet?” ceuk cangkurileung. “Tuh, ditonggoh lebah rungkun
salira aya sayang engang. Tah, di dinya urang eupanan ku kabeuki monyet. Engke
pasti ku si monyet hawek pasti dicokot, da si eta mah sok sologoto pisan apan
kana dahareun teh....! tangtu sakadang engang ambeukeun mun sayangna aya nu
ngadeukeutan teh, da samarukna rek diganggu. Pasti ngabreng ngoroyok ka si
monyet hawek! Keun sina disareureudan!” ceuk beurit nerangkeun panjang
lebar.
Sangges srerea nyatujuan, bring
weh bubar muru ka imahna masing-masing. Maksud rek nyarokot bungbuahan
saboga-bogana. Teu kungsi lila jul-jol deui daratang. Bring atuh sarerea muru
ka palebah rungkun nu dipake nyayang ku engang. Mani keukeuteuyeupan nareundeunna
ge da sieun kanyahoan ku sakadang engang. Mangkaning engang mah kacida
garalakna. Mun sayangna kaganggu teh sok rabeng ngoroyok. Sorana barangeongan
matak geupeur!
Sakadang monyet nu harita aya di
imahna, barang nenjo ringkang-ringkang nu daratang. Buru-buru manehna turun ti
imahna. “Rek kamarana yeuh? Mani ngabring!”pokna. “Rek ngabejaan, tuh
di ditu deukeut rungkun, rea dahareun kabeuki maneh wungkul! Jig buru-buru,
bisi aya nu nyokot manten!” ceuk sakadang hayam. “Tapi naha atuh kalah
dituduhkeun ka kuring? Naha teu didahar bae ku maraneh?” ceuk sakadang
monyet rada heraneun.
“apan geus seubeuh! Sarerea
teh bieu teh tas ngadalahar, ngan teu beak da rea teuing dahareunana!”ceuk
sakadang kelinci. “Heuh atuh!” ceuk sakadang monyet bari tibuburanjat
lumpat muru kana rungkun panuduhan embe tea. Barang sakadang monyet nepi ka
deukeut rungkun, atuh atoh sarta teu antaparah deui ngan kedewek weh bungbuahan
nu aya di dinya teh diweswes bangun nu ni’mateun pisan. Lung, lung, cangkangna
teh dipiceunan, ka mana wae ngalungkeunana teh sadaekna. Atuh cacangkangan teh
rea patinggalepruk ninggang kana sayang engang. Mani utey bakat ku rea. Sarta
barang kacirieun nu ngaganggu sayangna teh monyet, breng haliber, terus weh
ngoroyok, nyareureud jeung nyarocoan!
Atuh puguh we sakadang monyet teh
mani nepi ka guguliungan bakat ku hayang lesot tina koroyokan engang nu kacida
garalakna! Lantaran lulumpatan bari teu tolih kana nanaon, brus teh sakadang
monyet tigebrus ka walungan. Kerelep ti teuleum. Hadena leungeunna kaburu muntang
kana jukut nu jadi di sisi cai. Sakadang engang teu waranieun alancrub ka
walungan mah, sabab jangjangna bakal baraseuh. Atuh bring weh baralik deui kana
sayangna.
Sangges engang arindit, kakara
monyet hanjat. Mani kakarayapan bakat ku leuleus sarta nyareri. “kieu
geuning rasana nu hawek teh. Batur nyarerieun hate, ngarewaeun, nepi ka
padangakalakeun,” ceuk pikirna monyet bari ku rasa kaduhung. Ti harita mah
monyet teh kapok. Jadi bageur jeung tara haweuk, kana dahareun tara
makmak-mekmek teuing, jeung batur sok daek silihagehan.
