Peucang jeung Maung
Dina hiji poe, wanci ahneut moyan, peucang keur nyatuan bari
moyan. “Geunaheuuuun pisan! Awak seger kapoyanan, hakaneun raweuy sakuriling
bungking, harejo ngemploh bangun nu arami. Atuh lain ponyoeunana”, ceuk
peucang teh. Sangges seubeuh, brek depa dinu poyan bari hantem guyam gayem. Bakat
ku genah, lila-lila lengguuut, lengguuut....nundutan! Hanjakal....gaur teh sora
maung! Leuweung eundeur! Kabeh sato rarewaseun! Manuk rabeng. Monyet rajleng,
marmot tipaparetot, kelinci tipaparatit, oray pating goloyor, sarerea
lalumpatan neangan kasalametan. Ngan sakiceup kaayaan di dinyajadi jempling, da
pangeusina bubar katawuran.
Peucang mah teu kaburu ngejat, kaberedeg! Keur nundutan
atuda! Barang gok jeung maung teh, ukur bisa curinghak. Rek kabur teu kaburu,
mun lumpat bakal kaudag. Ukur sagajlengun atuda anggangna teh. Tapi dasar
peucang mah boga lalakon! Sok loba akal deuih. Sieunna ukur sakeudeung. Hatena gancang
ditenang-tenangkeun. Utekna muter neangan akal, kumahaa....carana sangkan
salamet?
Da enya, peucang teh kalah gogoleran! Atuh maung teh nepi ka
gogodeg bakting ku heran. Les we poho rek ngarontok ge, da haben wae gogodeg! Ari
peucang bari gogoleran teh, am ngahuapkeun daun jati tea, terus diweswes-dibeuweung.
Apan daun jati mah mun direbus ge sok beureum, komo atuh dicapek mah. Sungut peucang
mani burahay beureum kawas lamokot ku getih. Ongkoh da dihajakeun sina
ngabulaeh. Malah sina lutah-luteh kana beungeutna. Geus kitu mah celegeneng
peucang nangtung. “Tah geuning! Kabeneran yeuh datang maung sasiki deui! Yap
kadieu urang hakan, malaur kuring can seubeuh....!” ceuk peucang bari
nyentak.
Maung kalah pok nanya, “naon maneh teh, peucang? Dedengean
teh urang hakan-urang hakan kitu...? can seubeuh-can seubeuh kitu....naon?”
“bener! Bieu kuringtas ngahakan maung hiji.... yeuh tenjo
beungeut kuring nepi ka beureum kieu, kaceretan ku getihna ieu teh....!”
ceuk peucang bari ngalengkah ngadeukeutan sarta ngasrogkeun beungeutna, “Teu
seubeuh geuning ukur hiji mah, sukur maneh datang, keur nyeubeuhkeun.....heug
seug ka dieu!” maung mundur nenjo peucang ngeteyep ngadeukeutan teh. “Na ti
iraha maneh beuki maung, Cang....?” maung ngadegdeg. “Heueuh! Boa alo
maneh nu bieu dihakan ku kuring teh? Aya alusna, sasarap ku alona, nyeubeuhkeun
ku emangna. Maneh teu percaya ka kuring? He maung goreng patut, mun maneh teu
percayakuring tas ngahakan maung, tuh tempo disumur aya keneh huluna! Teuas! Dikokos
ge kuriak punglak huntu....lung weh dialungkeun...., jig tempo hulu alo maneh! Tuh
dijero sumur!” Nempo peucang siga nu
napsu pisan, maung beuki sieun. Tapi hatena panasaran, hyang nempo hulu maung
di jero sumur.
Pek enya we di jero sumur teh aya hulu maung, peresis sagede
manehna deuih! “Boa-boa heueuh alo kuring?” ceuk pikirna. Sarta teu
antaparah deui belenyeng weh maung kabur mani mangprung, gogorobasan sagala
didupak. Mani asa sageup-geupeun awakna dikerekeb ku peucang. Dasar maung bodo,
manehna teu sadareun, yen hulu maung nu katempo di jero sumur teh, lian ti
kalangkang hulu manehna sorangan. Peucang ngagakgak ningali kabodoan maung. “Dasar
sato bodo! Kalahkah we huntu ranggeteng!” ceuk peucang bari teu
eureun-eureun seuseurian.
