Jaman baheula, di hiji leuweung aya kelinci aya kelinci keur
nyatuan bangun anu ponyo naker. Keur kitu, torojol domba adu datang. Nempo aya
kelinci keur nyatuan, pok domba adu teh nyarita. “Kelinci, maneh mah ari
nyatu rampus, ari awak leutik bae. Asa cumah dahar unggal poe ge ukur meakkeun
jukut bae, ceunah”
“naha kudu kumaha ari awak kuring? Apan iyeuh lintuh!”
tembal kelinci.
“Dasar goreng milik bangsa maneh mah, dikadarkeun boga
awak teh ukur sagede kitu! Yeuh tempo kuring, awak jangkung badag, tanduk
ranggaek! Bangsa careuh, ajag, oray, moal waraneun ngaganggu ka kuring mah! Coba
ka maneh, boro-boro maung, anak ucing wanieun nekuk!” ceuk domba adu mani
adigung pisan.
“Ah, na ngahina teuing, Domba! Na teu sieun katulah maneh
teh, da goreng-goreng oge kuring teh tunggal ddamelan Gusti. Sanajan bukti oge,
teu meunang nganyenyeri kitu, da awak kuring leutik teh, lain kahayang
sorangan, geus guratna we. Tong adigung, Domba! Saha nu nyaho hiji waktu mah
maneh teh bakal butuh ku pitulung kuring!” tembal kelinci bari nyabar-nyabar maneh.
“Yeuh pitulung nanahaon! Deuk ge maneh nu butuh ku
pitulung kuring. Mun aya ajag atawa careuh rek ngerekeb maneh, tangtu moal
waranieun mun maneh babarengan jeung kuring mah, da sieuneun di teunggar!”
domba adu kalah beuki sombong ngomongna teh.
Keur kitu...gaur, gaur! Sora maung ti kajauhan!
Tereleng weh kelinci mah lumpat, sup sup kana liangna nu teu
jauh tio dinya. Orokaya domba adu bingungeun kudu ka mana nya lumpat, sabab
maung geus deukeut teuing. Mun lumpat pasti kaberik. Rek milu nyumput kana
liang kelinci, moal asup da awakna gede teuing, jaba raridu ku tanduk. Kelinci noong
tina langna, ngawaskeun paripolah domba. Mimitina mah hatena mupuas nempo domba
nu tadi sakitu ngahinana, ayeuna nyanghareupan marabahaya teh. Tapi dasar kelinci
mah bageur, hade hate, nempo domba sakitu bingungeunana teh, jadi ngarasa
watir. Tereleng manehna kaluar deui tina liangna sarta pok ngomong ka domba adu
“Domba nyumput kana gowok, gigireun liang kuring!” ceunah.
“Ah, katewak meureun ku maung, da maung ge asup kana
gowok sagede kitu mah!” ceuk domba adu. Beungeutna mani geus pias bakating
ku pohara sieunna.
“Moal! Ke ku kuring dilimpudan ku taneuh, ngarah teu
kacirieun ku maung! Sok-sok buru-buru, bisi maung torojol manten!” ceuk
kelinci.
Sangges domba merenah nyangkerok dina gowok, gancang kelinci
kokoreh kana taneuh ngebul hareupeunana. Sewur...sewur taneuh ngebul teh
nutupan gowok. Kelinci naker tanaga, mani pakupis ngorehan taneuh sabab sieun
maung kaburu datang. Sangges beres, kelinci tibuburanjat asup deui kana liangna
sabab maung geus deukeut pisan.
Kelinci jeung domba adu cricing, jarempe ngadedempes di
tempatna masing-masing. Maung kalantang-kulinting keneh, neangan susuganan aya
domba, atawa peucang, atawa naon we nu bisa dihakan. Tapi geus sidik euweuh
mah, leos we ngaleos bari garam-gerem jeung guar-gaur. Gendok meureun pedah teu
beubeunangan nanon.
Sangges sidik maung geus jauh, kurumuy domba adu kaluar tina
panyumputanana, mani kuyumut. Terus gigibrig jeung gogodeg, nurunkeun kekebul
nu narapel sakujur buluna. “Duh nuhun teuing, Kelinci! Kuring kacida
tumarimana kana kahadean maneh. Kumaha petana kuring mulang tarimana?” ceuk
domba adu bari kalamas-kelemes semu era.
“Lah, teu kudu mulang tarima sagala, da kawajiban, papada
mahluk kudu silih tulungan....” tembal kelinci bari soleh naker, “....ngan
pamenta kuring mah, maneh tong sok resep ngahina ka batur teh. Ulah kena-kena
awak badag sarta gagah, kanu leutik teh mani embung ngahargaan pisan!” ceuk
kelinci leuleuy
“Heueuh, hampura we, rumasa kuring teh salah, gede dosa. Pek
cirikeun ti ayeuna ka hareup mah kuring rek ngomean adat, moal daek huna-hina,
malah deuk nyaah kanu leutik teh,” ceuk domba adu terus jeung hate. Teu jalir
tina jangjina domba adu teh. Enya ti harita mah adat sombongna teh leungit. Ka nu
leutik nyaah. Sosobatannana jeung kelinci beuki raket bae. *Dongeng Sunda Sasatoan
