Peucang jeung Buhaya - Jaman baheula di hiji leuweung, wanci tengah poe ereng-erengan,
sakur sasatoan keur ngariuhan. Kacaritakeun peucang, manehna pohara ngarasa
halabhabna. Kolonyong peucang ka walungan nu pareunahna teu anggang ti
dinya. “Ah, rek ngalekik
nginum saseubeuhna ”, kitu ceuk pikirna. Karek ge dua-tilu leguk, gep teh
sukuna aya nu ngegel. Peucang reuwas lain meumeueusan, tapi teu bisa ngejat
lantaran sukuna pageuh kacakep. Boro-boro ngejat, ngajerete ge hese! Peucang
jaba reuwas jaba nyeri, jaba kaduhung deui dirina teu ati-ati. Bakat ku
halabhab atuda, sologoto kana cai we, buhaya mah nu keur nangoh ngadodoho, teu
katenjo.
Tapi dasar peucang mah pinter. Sakolepat ge geus manggih akal
sangkan dirina salamet. Sanajan sukuna karasa nyeri digegel ku buhaya nu
huntuna sakitu ranggetengna, tapi peucang api-api teu ngarasa we. Luk deui
tungkul neruskeun nginum. “Aeh
aeh....geuning aya maneh, buhaya! Keur moyan nyah? Hampura nya kuring teu
sopan, ngaliwat teu pupuntenan. Boa-boa bieu teh katincak irung? Hampura nya,
teu kuat ku halabhab kuring teh!” ceunah.
Ngadenge omongan peucang, buhaya ngarasa heran. Naha peucang mani
tenang, kawas nu teu ngarasaeun sukuna digegel? “Tong ngadahar dahan kai atuh,
buhaya! Moal ge ngeunah!” ceuk
peucang. “Maaaaana dahan kai?
Pan ieu mah suku maneh, cang!” ceuk
buhaya , ngomongna rada ngosom, da bari barang gegel.
“Emh...watir! mun kuring boga hakaneun mah, meureu dibikeun ka
maneh. Tapi naon atuh da kuring mah teu boga nanaon. Boga awak ge apan ieu
sakieu leutikna. Jeung barina ge boga uruseun anak pamajikan. Mangkaning
pamajikan kuring kamari anyar ngajuru deui, teuing opat teuing lima saborojolan
teh” ceuk peucang.
“Cik atuh sing karunya ka kuring, cang! Piraku kuring kudu paeh
kalaparan. Cik atuhg menta suku maneh hiji mah, lumayan we tamba paeh
langlayeuseun....” buhaya ngomong mani lengas-lengis sangkan dipikarunya.
“Heug atuh ari maksa-maksa teuing mah, watir we kuring mah...ngan
pek atuh lepehkeun heula etah dahan kai nu keur diheungheum teh! Terus sungut
maneh calawakkeun sing tarik, ngarah buntung sakaligus, da nyeri ari disegetan
saeutik-saeutik mah!” ceuk peucang. “Sok ayeuna mah geura calawak sing
rubak....!” peucang marentah
bari panonna gular-gilir neangan dahan atawa awi nu sakira meujeuhna pikeun
metakeun akalna.
Ari buhaya barang karasa kana sungutna aya nu asup, capluk weh
nyapluk sataker tanaga! Da samarukna nu asup teh suku peucang sakumaha ceuk
perjangjian tea. Atuh puguh we...ari capluk, ari ceb....si haur teh nyeundak
kana lalangit sungutna luhur handap, terus nyeceb hese dipukahkeunnana da
kapaseuk ku regang nu rungseb dina saban bukuna! Sungut buhaya jadi samutut,
rungkang ku regang haur! Kalah ku haben digubag-gabig, laun-laun mah haur teh
nungtut narecat tina sungut buhaya. Tungtungna golomong weh lesot sapisan.
Arisot ari seot....buhaya ngudag ka sisi cai. Tapi peucang geus mangpret ka
tonggoh, lain udag-udageun tukang di cai.
Buhaya ngawakwak nyarekan jeung ngati-ngati. Peucang kalah
seuseurian.HaHaHaaaaaa...
