Jaman baheula di leuweung sakadang sapi keur ngahuleng, siga
nu boga kasusah. Di pkir saliwat mah asa teu pantes, awak badag, tanaga rosa,
tanduk seukeut, tapi naha beut nguyung siganu aral subaha. Tah, ayeuna ge,
sakadang sapi hulang-huleng bae teh keur mikir, kumaha carana sangkan hakaneun
teu kasoro ku batur. Pangpangna dina usum katiga, jukut jeung dangdaunan teh
mani gararing.
Sangges ngahuleng lila naker, serengeh sakadang sapi seuri. Manehna
manggih akal nu hade kumaha carana sangkan jukut jeung dangdaunan di eta
leuweung jadi boga manehna kabeh. “Kuring kudu jadi sobat maung sangkan batur
sarieuneun”. Kitu ceuk sapi sajeroning hatena. Geus mikir kitu mah, gidig weh
sakadang sapi teh ngagidig rek nepungan maung.
Poe harita keneh, sakadang maung mapay-mapay nu rea jukutan.
Kabeh sato di ancam, yen singsaha nu wani nyatuan di eta leuweung, pinasti
baris pinanggih balai. Atuh puguh we, kabeh sato ge sieun ku ancaman sakadang
maung mah. Kabeh nyaringkah sarta nareangan hakaneun ngalasruk ka jero leuweung
nu moal kasaba ku maung. Tangtu we jadi sarakah. Tapi dalah di kumaha tibatan
jadi korban mah. Seuri we sakadang sapi mah nenjo batur sangsara teh. Dirina senang
malang-mulintang baranghakan euweuh nu ngarewong. Unggal poe manehna mawa batur
saurang, aya embe, aya kuda, aya munding, aya domba, atawa naon we kumaha
pamenta maung. Carana teh di bibita, diolo, dibawa ka tempat nu rea jukut. Puguh
we atoheun dibawa ka tempat parab teh, da hese apan neangan jukut saeutik ge
ayeuna mah. Teu nyaho am-ari gabrug we dirontok ku maung, terus digusur dibawa
ka dungusna.
Mimitina mah euweuh nu nyahoeun kana akal jahat sapi teh. Sarerea
teu nyarangka, yen sapi tega marab-marabkeun batur sorangan pikeun kapentingan
dirina pribadi. Tapi laun-laun mah kanyahoan, yen geuning sapi teh sakitu
jahat, telenges, jeung hawekna. Atuh puguh we sarerea ngarewaeun pisan ka sapi
teh. Malah rea diantarana nu ngancam rek males. Mindeng sato nu sejen,
pangpangna sato nu laleutik patingrariung badami neangan akal ngahukuman ka
sakadang sapi.
Tapi susah da sakadang sapi salawasna di tangtayungan ku
sakadang maung nu mangrupa raja eta leuweung. Saha atuh nu wani ngalawan raja ?
tibatan beunang di arah mah, sakadang sapi kalah beuki sakawenang-wenang, boga
rasa euweuh nu wani ngaganggu. Sapi ngarasa kawasa. Padahal sarerea ge gimir
teh lain ku sapina, tapi ku maungna. Tapi da Gusti mah Maha Adil. Teu burung
datang wawales kanu telenges teh.
Hiji poe datang rombongan paninggaran ka eta leuweung. Patingkedepruk
sapatuna, patingharaok corowokna, patingjaledor bedilna. Sasatoan paburisat
lumpat nyalametkeun dirina. Tapi aya sawatara nu beunang, di antarana sakadang
maung. Teu walakaya geuning sang raja teh nyanghareupan takdir Gusti mah. Sakadang
maung katembak meneran jajantungna pisan. Atuh jungkel, kerejet-kerejet, hos
weh paeh!
Sangges nu maroro marulang, sasatoan tingrariung aya embe,
kuda, gajah, jarapah, domba, munding, banteng, jeung nu lainna. “sakadang maung
geus paeh, sakadang sapi ayeuna mah moal aya nu mangmeunangkeun, hayu ayeuna
mah urang hukuman ku sarerea!” ceuk sakadang domba. Manehna manehna kacida
ambekna ka sakadang sapi, lantaran anak-incuan beak diparabkeun ka sakadang
maung.
Lantaran sakanyeri, sakapeurih, bring atuh sarerea ngajorag
ka imah sapi. Sapi teu walakaya, nepi ka paehna pada ngaraponan. Malah ku
sakadang munding mah, imahna ge diruksak diburak-barik. Awahing ku ijid!
* Kumpulan Dongeng Sunda
* Surat Pendek Al - Qur'an
* Kumpulan Dongeng Sunda
* Surat Pendek Al - Qur'an
